Jenengan Bapa kuring Eri Syahrial.
Dibabarkeun di Bandung Jawa Kulon dina ping 22 Januari1964. Bapa kuring putra
kadua ti genep putra. Pun Bapa sareng pun biang Bapak kuring teh nyaeta bapak
Mustani Sutan Basa sareng bu Hj.Efi F.
Sanajan dibabarkeun di Bandung, pun bapa teh gedena di Tasik, sabab nini abdi emang aseli ti Tasik. Kahirupan wanci alit Bapa kuring teh sederhana pisan. Pun bapa di didik ku aki kuring hirup saderhana.
Pun Bapa menempuh atikan dasarna di SDN1 Mangunreja, lulus ti sakola dasar taun 1977 teras neruskeun atikan di SMPN 1 Singaparna, lulus taun 1980. Saatos lulus ti SMP teh, bapa kuring ngalih ka Bandung, neraskeun atikan di SMA 9 Bandung. Lulus ti SMA teh taun 1983. Bapa kuring neraskeun atikanna di Universitas Padjajaran jurusan Geologi, lulus taun 1988.
Jangkungna bapa kuring kira-kira 172 sarta abot bapa kuring kira-kira
70kg. Soca Bapa kuring coklat sepertos kuring . Bapa kuring ngabogaan kelir
kulit coklat. Bapa kuring teh jelemana teu loba omong, sanajan kitu Bapa abdi
teh jelema anu teges.
Ayeuna teh Bapa abdi damel minangka Wiraswasta. Bapa abdi teh boga usaha di widang perikanan, nyaeta lauk sidat.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar